Senin, 25 Agustus 2014

Dongeng

Dadang Ustamapraja
. . . . .
Dongeng
Nuhirup dina rasa kahirupan

Ampun sarebu, tobat salaksa ka para Wali ka para Nabi
Ka aki katanian ka nini katanian, ka aki jumanten ka nini jumanten
Ka bapa langit ka ibu bumi, ka bapa pasti ka ibu pasti,
Ka para saderek anu nyare’at, ka para saderek nu teu nyare’at
Ka Nyi Pohaci Sangiang Sri, ka Nyi Pohaci Ruman Nanggay sareng ka Asep Sarana.
Neda sih hapunten rehna kula kumawantun ngagelarkeun Dongeng kamari, dongeng ayeuna jeung dongeng isukan.

Dong” dongan anu baheula, “ngeng”. . . . dicaritakeun ayeuna :
Basa bapa bujang indung lajang,
Abdi aya tur ngarasa hirup di alam padang poe panjang ,

• Tempatna di nagara Tunjung Sampurna.
• Waktuna disebut enol poe akherat
• Rasana rasa sajati.
• Elingna eling sajati,
• Nafasna nafas sajati,.

Kaayaan harita :
Bungah dina kaayaan teu poek teu caang, teu acan aya ngeunah jeung teu ngeunah sabab rasa sajati beda jeung rasa aherat komo rasa dunya, eling na mantep heunteu owah gingsir, nafas na tunggal taya antara hirup jeung nuhirupna sabab can aya nafas, nufus, tanafas, anfas. Teu acan aya nafas anu kaluar, kajero, nucicing dijero nungaliputan kana diri estunging tetep mantep ngawujud hirup.
Kaayaan harita disebut jaman batin atawa enol poe aherat, enol poe dunya, kaayaanana jadi eunteung keur kuring ayeuna.

Mimiti poe kahiji di akherat nyaeta poe waktu narima perjanjian di poean AL-ASTU ijab Kabul serah tarima alas amanah, serah tarima bakal sakaligus jeung békélna.
Poe harita diayakeun perjanjian antara Gusti jeung abdina, supaya diahir teu nyalahkeun ka Gustina, teu nyalahkeun ka abdiNA, ka utusanana jeung ka pesuruhna.
Timimiti harita pisan alam kahiji alias alam kamari teh dimimitianana, sabab samemehnamah lain mangkukna, tapi disebut “langgeng-langgeng semangko”

Air putih banyu suka asalna cai sacanting békél jeung bakalna ti Alloh nyaeta gulungna jat cai, rupa cai, pertingkah cai ter utek dina utekna cai, ngarana cai jatining hurip. Sakétes bakalna Adam, Nur dat bakalna Muhammad, nur putih bakalna nyi Sri, nur cahya bakalna manusa. Aya rasa aya swara bakalning naga bakalning toko. Nu herang nu ngalenggang, nuhurung nu ngagébur, boma cahaya gelar wong sajagat kabeh.

Tuluy ganti jaman ganti lalakon, undur jaman datang jaman. Lilana saban jaman silokana sarua jeung “laju nitis dipindo nyukma”, sarua jeung nitis nyukma kusumah.
Mimiti aya itungan waktu, ngawitan ti jaman sapoe dibapa, mimiti aya itungan umur sajeroning kungkurungan dina wadah sajeroning wadah ngarana Noqat Gaib, siki anu samar. Tunggal wadah-kuring-jeung anu ngawadahanana.
Batal Suka · 7 · 6 jam yang lalu
Dadang Ustamapraja
. . . .
Waktu kuring di bapa sabulan sapuluh poe atanapi 40 poe tah eta jaman enol poe enol bulan diindung, tuluy ganti jaman ganti lalakon :

1. Enol bulan ngetes ka bumi suci ku ayana Qudratulloh

2. Sabulan tepung, ngagempeng,
i. Katambahan pangandika Nabi Muhammad
ii. Tuluy ngageter
iii. Malaikat Tunggul Wulung

3. Dua bulan campur, ngabundel
i. Katambahan warna ti Nabi Muhammad
ii. Tuluy embut-embutan
iii. Malaikat Géntél Putih

4. Tilu bulan gumulung, ngahiji, ngabangun
i. Katambahan Firman Alloh ka Nabi Muhammad
ii. Ditambahan kulit
iii. Tuluy usik
iv. Malaikat Émut Putih

5. Opat bulan usik
i. Katambahan dawuhan Alloh ka Nabi Muhammad
ii. Ditambahan otak
iii. Tuluy totojer, boga kahayang
iv. Malaikat Sutra Putih

6. Lima bulan ngabening
i. Ditambahan urat-urat lemes lir sutra putih
ii. Tuluy anteng
iii. Malaikat Reka Maya

7. Genep bulan daya
i. Ditambahan tulang ( balung )
ii. Tuluy bisa bulak-balik, naek turun
iii. Malaikat Maya Reka

8. Tujuh bulan pepek
i. Ditambahan buuk, getih, daging
ii. Tuluy mangrupa
iii. Malaikat Sang

9. Dalapan bulan istirahat
i. Ditetep keunana opat dulur kalima pancer : pangeproh, darah, tali ari-ari, bali.
ii. Malaikat Sang Derma

10. Salapan bulan darma jati, jadi orok
i. Malaikat Sang Derma Jati
ii. Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad :
iii. Nu asal ti kami :

1. Hirup
2. Bhudi
3. Cipta
4. Rasa

iv. Ditambahan ku hadis pangandika Nabi Muhammad :

1. Rasa pangambeu sarta puji sahadat
2. Jadi mantep.

v. Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad :
vi. “ Kami rek ngabangun karaton dina dada manusa nyaeta :

1. disajeroeun dada aya ati,
2. disajeroeun ati aya jantung,
3. disajeroeun jantung aya budhi
4. disajeroeun budhi aya cipta
5. disajeroeun cipta aya sukma
6. disajeroeun sukma aya rasa
7. disajeroeun rasa aya Rahasiah Numaha Suci”

vii. geus kitu brol lahir orok tea, sarta “ngeng” ceurik.
Sumber: kang dadang