Senin, 01 September 2014

Gerentes..

Mawar hideung

Naha, ligar téh jiga nu seunggah
Jungjunan??
Boa kahalang ku hieum..
Ah,, da teu hieum teuing,,
Wangi na mah tos miheulaan

     Mulang

Nalika kuring ningali anjeun,
Aya rasa bungah,nalangsa,wani,sieun,reug reug,ogé hariwang ngabarung ngajadi hiji.
Gumuruh na rasa tagiwur
Nungalahirkeun pangharepan
Duka,, da ieu rasa téh teu disangka datangna..
Nalika anjeun amit mulang,
Anjeun terang teu? Di satukangeun
Karang nu gagah tur rongkah
Geuning ngagaduhan titik lemah
Regas,méréhpél nalika ka teumbrag ku cai,
Ku harianeun, geuning anjeun bet
Miyuni balébat jungjunan...

     Ngahuleng

Na simpé na peuting
Aya haréwos angin munajat
Nyulusup kana ieu rasa
Naha kumaha kadituna???
Naha rék kumaha mawana?
Na hening na peuting
Réhé sotéh ti luarna
Di dieu mah ieuh,.!! Tetep ngaguruh.. tetep  sahéng. Lir sawara ngaguruhna galura ombak di siai basisir.. nu nembragan karang panghalang pikeun kuring nampian...

Cag.. ( JN )

      

1 komentar:

  1. Best eCOGRA Sportsbook Review & Welcome Bonus 2021 - CA
    Looking for an eCOGRA Sportsbook jancasino Bonus? At this eCOGRA Sportsbook review, 바카라 사이트 we're talking about a https://access777.com/ variety of ECCOGRA sportsbook promotions. deccasino

    BalasHapus