Rabu, 17 September 2014

CARA BOOT CD ROM TANPA SETINGAN PADA BIOS UNTUK INSTALL WINDOWS

Suatu hari saya mendapat pekerjaan menginstal windows xp pada laptop.. lalu saya coba untuk setting bios ternyata tidak bisa di karenakan keyboard error pada tombol f2 untuk masuk ke settingan bios. Agak ribet kalau saya pinjam keyboard pada teman.. yang pertama jauh.. apalagi harus bela2in beli keyboard external..
Dengan cara ini ternyata bisa.. yuk cekidot

Pertama siapkan bahan terlebih dahulu
- hardisk yang mao di instal(ya iyaa laah)
- kabel sata/ata to usb
- dan yang terakhir leptop nya  hehe.
Caranya hardisk cabut dahulu di laptop kemudian sambubgkan ke kabel sata/ata to usb.. lalu konek ke laptop nya...
Cdrom akan otomatis booting dikarenakan hdd internal tidak ada .
Jalankan instalasi seperti biasanya sampai ke bagian partisi..
Di bagian itu kita hapus semua partisi pada hdd nya.. tentunya tidak bisa di instal dong lha wong dari usb... sesudah di hapus partisi nya.. kelua dari penginstalan tanpa creat partisi tentunya.. kemudian setelah keluar matikan laptop, lalu pasang kembali hdd pada slot yang ada di laptop. Dan... wakwaaawww!!! Cd rom dapat otomatis booting pertama.. dan selanjutnya jalankan proses penginstallan windows seperti biasa nya.. 
Semoga bermanfaat

Senin, 01 September 2014

Jangjawokan

Ampun nun paralun sanés badé niat
Ngalalangkungan, ogé sanés badé agul ku payung butut, mung ieu mah
Sakadar ngamumulé tutungkusan karuhun..
Di handap aya sababaraha jangjawokan
Sunda nu ku kuring d anggé..  mangga cekidot

   Pangabaran..

Bissmilah.....
Pangabaran awak ingsun tanding sekar waja, sing mangka di tengah baranyay kunang kunangan.. maung pundung datang tungkul,badak galak datang depa, orang laki datang numpi, tungkul sia ngaheruk,tanggah sia karunya,ngarungu sawara ingsun,.

     Gempur nyawa

Gempur nyawa tanpa wiwitan,sukma tanpa kurungan. Dzat sifat ruh muhammad. Kulhu sungsang raja iman tetekon nabi muhammad,kukundung si jabrail. ulaika2 ya allah ya rosulullah
Wis luput ning teguh ora ana apa apa..

     Sahadat jeneng

Asyhadu sahadat jeneng iman
Mudi tohid tunggal ma'rifat
Yanaba... suci sampurna ing dunya

    Rajah pamunah

Rajah aing rajah pamunah.
Munah bumi munah langit,munah kayu munah batu,munah kalakay sakabéh adegé di buana panca tengah.
Nya aing nu bisa ngabeureum ngahideung.
nya aing nu bisa ngahias ngajingga.
Lain pagawéan aing,pagawéan ratu para déwata..

      Halimunan

Allahuma puter giling
Nu muter nabi muhammad.
Nyusup mubuy nyi saniem buruan kadu sagara. Bilikna sisi basisir pantona panto karéok.. poék alah batan halimun nungajaga allah taala..

       Paragi naék

Sangkal putung lunga ngalas rék néangan ajian monyét paéh rag rag
Nya aing nu boga ajian monyét paéh rag rag...

       Asihan pangonci

Bibi rohanah bapa rohanih pangnyokot keun roh na si......
Roh dua mangka jadi hiji jeung badan kaula.. teka welas teka asih mangka asih ka badan kaula...

        Asihan kemat (jawa)

Crong mencrong panona si.....
Ulin cahya bapa adam ibu hawa
Se déréng se tapel badana si....... ing badan kaula . Si....... lagi genahé,si....... lali badané,si...... atiné netwp idep maring aku. Ya allah pang ngundangaken si....... nabi muhammad pabg jenengaken si......
Si...... lagu turu di tangi nna. Wis tangi di jangong nna. Wis jagong di adeg nna. Wis ngadeg. Si........ marénéa2 teka ning umah.. mangka welas mangka asih si....... sing asih kabadan kaula...

       Rajah panumbalan...

sahadat
nini guna gawe aki guna gawe ari ngagawe
ulah kanu teu digawe , ngagawe kanu digawe
bisi aya panyakit ti wetan balikeun deui ka wetan
pulangkeun kasungsang ka suda pulang pulang ka
sangkala putih pulang ka sang dewa putih
tulak talk tali tanggul .. sahadat.
bisi aya panyakit ti kidul balikeun deui ka kidul
pulangkeun kasungsang ka suda pulang pulang ka
sangkala putih pulang ka sang dewa putih
tulak talk tali tanggul ...sahadat...
bisi aya panyakit ti kulon balikeun deui ka kulon
pulangkeun kasungsang ka suda pulang pulang ka
sangkala putih pulang ka sang dewa putih
tulak talk tali tanggul ... sahadat...
bisi aya panyakit ti kaler balikeun deui ka kaler
pulangkeun kasungsang ka suda pulang pulang ka
sangkala putih pulang ka sang dewa putih
tulak talk tali tanggul... sahadat....
bisi aya panyakit ti luhur balikeun deui ka luhur
pulangkeun kasungsang ka suda pulang pulang ka
sangkala putih pulang ka sang dewa putih
tulak talk tali tanggul .... sahadat...
bisi aya panyakit ti handap balikeun deui ka handap
pulangkeun kasungsang ka suda pulang pulang ka
sangkala putih pulang ka sang dewa putih
tulak talk tali tanggul... sahadat...
bisi aya panyakit ti leuweung ti reuma balikeun deui ka leuweng ka reuma
bisi aya panyakit tikayu tibatu balikeun deui kakayu kabatu
bisi aya panyakit ti ticai tileuwi balikeun dei kacai kaleuwi ... sahadat...
ka roh nur sajati nu napel tina nyawa,ka roh tunggal sajati nu napel tina
larangan, ka roh jabaniyah nu napel tina cepil katuhu,
ka roh rohaniyah nu napel tina pangambung,
ka roh rohbaniyah nu napel tina indung suku katuhu
bisi aya nu hiti dengki jail kaniaya kana rohna si......
menta pangjagakeun pangriksakeun tikidulna tikalerna tikulonna
tiwetanna tiluhurna tihandapna.... sahadat....
kamalaikat titimangsa nyatana banyu.
kamalaikat prabumangsa nyatana bali
kamalaikat panjara putih nyatana tali ari ari
ka malaikat aruman nyatana pamungkus
kamalaikat kirohman nyatana getih
kamalaikat jabrail nyatana paraji....
yu rohani urang balik,utang neang ibu urang
yu rohani urang ngadeuheus karorompok urang
yu rohani urang numpak parahu kosong, teu kosong2 teuing
euaina rahmat jeung bayu,
kade rohani kasalahan jalan tengahing jalan
aya ciri gardu kuta tandingan sawarganing jalan
poma rohani sing ati2 bilih teu dongkap jeung
pagelaran sawarga madurasa,sarirasa,taratas bumi tanjung karaton
sawarga dunya akherT.... sahadat...
rohani tikatuhu  sawarga maduiman sarirasa
taratas bumi tanjung karaton.. nyaeta rohani pigeusaneun
ni'is urang di dunya jeung diakherat.
rohani tikenca   sawargaloka maduiman sarirasa
taratas bumi tanjung karaton nyaeta rohani pigeusaneun
urang ngabangbrangkeun fikiran di dunya jeung di akherat.
sahadat....
rohani timana asal.. sir tibapa rasa tiindung
rohani timana nya nitih... nitih twukalawan beurang
teukalawan peuting,nitihan di gedong kang saman
rohani maneh dimana nya metu... ti palawangan madurasa
sarirasa taratas bumi tanjung karaton
rohani naon tutumpakan nana ... kuda nafas
rohani naon cametina... eling
rohani kamana nya nampian... ka banyu mu'min
katalaga kalkaosar
rohani kamana nya juragan... kalahir batin dunya akherat
rohani kasaha nya ngaratu... karatu adil danarasa
sarirasa madurasa .... sahadat.....

     Jampé cacingeun

syahadat...
cacing kuning oleng koneng ulqh jalan knu hulu bisi
di sapa ku ratu.
(ulang cacingna) ulah jalan kanu mata bisi disapa ku bapa
ulah jLN kanu ceuli bisi disapa ku nini
ulah jalan kanu irung bisi disapa ku indung
ulH jalan kanu sungut bisi disapa ku ambu
ulah jalan kqnu bujal bisi disapaku bujang
ari jalan ka si barakbakan ka si borokbokan
di teundeun di catang bobo di pacokan ku gqgak putih
cok les3x
paragi gembul
bissmillH... bumi langit carangka buana sup sep ka carangka buana

     

Gerentes..

Mawar hideung

Naha, ligar téh jiga nu seunggah
Jungjunan??
Boa kahalang ku hieum..
Ah,, da teu hieum teuing,,
Wangi na mah tos miheulaan

     Mulang

Nalika kuring ningali anjeun,
Aya rasa bungah,nalangsa,wani,sieun,reug reug,ogé hariwang ngabarung ngajadi hiji.
Gumuruh na rasa tagiwur
Nungalahirkeun pangharepan
Duka,, da ieu rasa téh teu disangka datangna..
Nalika anjeun amit mulang,
Anjeun terang teu? Di satukangeun
Karang nu gagah tur rongkah
Geuning ngagaduhan titik lemah
Regas,méréhpél nalika ka teumbrag ku cai,
Ku harianeun, geuning anjeun bet
Miyuni balébat jungjunan...

     Ngahuleng

Na simpé na peuting
Aya haréwos angin munajat
Nyulusup kana ieu rasa
Naha kumaha kadituna???
Naha rék kumaha mawana?
Na hening na peuting
Réhé sotéh ti luarna
Di dieu mah ieuh,.!! Tetep ngaguruh.. tetep  sahéng. Lir sawara ngaguruhna galura ombak di siai basisir.. nu nembragan karang panghalang pikeun kuring nampian...

Cag.. ( JN )

      

Senin, 25 Agustus 2014

Dongeng

Dadang Ustamapraja
. . . . .
Dongeng
Nuhirup dina rasa kahirupan

Ampun sarebu, tobat salaksa ka para Wali ka para Nabi
Ka aki katanian ka nini katanian, ka aki jumanten ka nini jumanten
Ka bapa langit ka ibu bumi, ka bapa pasti ka ibu pasti,
Ka para saderek anu nyare’at, ka para saderek nu teu nyare’at
Ka Nyi Pohaci Sangiang Sri, ka Nyi Pohaci Ruman Nanggay sareng ka Asep Sarana.
Neda sih hapunten rehna kula kumawantun ngagelarkeun Dongeng kamari, dongeng ayeuna jeung dongeng isukan.

Dong” dongan anu baheula, “ngeng”. . . . dicaritakeun ayeuna :
Basa bapa bujang indung lajang,
Abdi aya tur ngarasa hirup di alam padang poe panjang ,

• Tempatna di nagara Tunjung Sampurna.
• Waktuna disebut enol poe akherat
• Rasana rasa sajati.
• Elingna eling sajati,
• Nafasna nafas sajati,.

Kaayaan harita :
Bungah dina kaayaan teu poek teu caang, teu acan aya ngeunah jeung teu ngeunah sabab rasa sajati beda jeung rasa aherat komo rasa dunya, eling na mantep heunteu owah gingsir, nafas na tunggal taya antara hirup jeung nuhirupna sabab can aya nafas, nufus, tanafas, anfas. Teu acan aya nafas anu kaluar, kajero, nucicing dijero nungaliputan kana diri estunging tetep mantep ngawujud hirup.
Kaayaan harita disebut jaman batin atawa enol poe aherat, enol poe dunya, kaayaanana jadi eunteung keur kuring ayeuna.

Mimiti poe kahiji di akherat nyaeta poe waktu narima perjanjian di poean AL-ASTU ijab Kabul serah tarima alas amanah, serah tarima bakal sakaligus jeung békélna.
Poe harita diayakeun perjanjian antara Gusti jeung abdina, supaya diahir teu nyalahkeun ka Gustina, teu nyalahkeun ka abdiNA, ka utusanana jeung ka pesuruhna.
Timimiti harita pisan alam kahiji alias alam kamari teh dimimitianana, sabab samemehnamah lain mangkukna, tapi disebut “langgeng-langgeng semangko”

Air putih banyu suka asalna cai sacanting békél jeung bakalna ti Alloh nyaeta gulungna jat cai, rupa cai, pertingkah cai ter utek dina utekna cai, ngarana cai jatining hurip. Sakétes bakalna Adam, Nur dat bakalna Muhammad, nur putih bakalna nyi Sri, nur cahya bakalna manusa. Aya rasa aya swara bakalning naga bakalning toko. Nu herang nu ngalenggang, nuhurung nu ngagébur, boma cahaya gelar wong sajagat kabeh.

Tuluy ganti jaman ganti lalakon, undur jaman datang jaman. Lilana saban jaman silokana sarua jeung “laju nitis dipindo nyukma”, sarua jeung nitis nyukma kusumah.
Mimiti aya itungan waktu, ngawitan ti jaman sapoe dibapa, mimiti aya itungan umur sajeroning kungkurungan dina wadah sajeroning wadah ngarana Noqat Gaib, siki anu samar. Tunggal wadah-kuring-jeung anu ngawadahanana.
Batal Suka · 7 · 6 jam yang lalu
Dadang Ustamapraja
. . . .
Waktu kuring di bapa sabulan sapuluh poe atanapi 40 poe tah eta jaman enol poe enol bulan diindung, tuluy ganti jaman ganti lalakon :

1. Enol bulan ngetes ka bumi suci ku ayana Qudratulloh

2. Sabulan tepung, ngagempeng,
i. Katambahan pangandika Nabi Muhammad
ii. Tuluy ngageter
iii. Malaikat Tunggul Wulung

3. Dua bulan campur, ngabundel
i. Katambahan warna ti Nabi Muhammad
ii. Tuluy embut-embutan
iii. Malaikat Géntél Putih

4. Tilu bulan gumulung, ngahiji, ngabangun
i. Katambahan Firman Alloh ka Nabi Muhammad
ii. Ditambahan kulit
iii. Tuluy usik
iv. Malaikat Émut Putih

5. Opat bulan usik
i. Katambahan dawuhan Alloh ka Nabi Muhammad
ii. Ditambahan otak
iii. Tuluy totojer, boga kahayang
iv. Malaikat Sutra Putih

6. Lima bulan ngabening
i. Ditambahan urat-urat lemes lir sutra putih
ii. Tuluy anteng
iii. Malaikat Reka Maya

7. Genep bulan daya
i. Ditambahan tulang ( balung )
ii. Tuluy bisa bulak-balik, naek turun
iii. Malaikat Maya Reka

8. Tujuh bulan pepek
i. Ditambahan buuk, getih, daging
ii. Tuluy mangrupa
iii. Malaikat Sang

9. Dalapan bulan istirahat
i. Ditetep keunana opat dulur kalima pancer : pangeproh, darah, tali ari-ari, bali.
ii. Malaikat Sang Derma

10. Salapan bulan darma jati, jadi orok
i. Malaikat Sang Derma Jati
ii. Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad :
iii. Nu asal ti kami :

1. Hirup
2. Bhudi
3. Cipta
4. Rasa

iv. Ditambahan ku hadis pangandika Nabi Muhammad :

1. Rasa pangambeu sarta puji sahadat
2. Jadi mantep.

v. Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad :
vi. “ Kami rek ngabangun karaton dina dada manusa nyaeta :

1. disajeroeun dada aya ati,
2. disajeroeun ati aya jantung,
3. disajeroeun jantung aya budhi
4. disajeroeun budhi aya cipta
5. disajeroeun cipta aya sukma
6. disajeroeun sukma aya rasa
7. disajeroeun rasa aya Rahasiah Numaha Suci”

vii. geus kitu brol lahir orok tea, sarta “ngeng” ceurik.
Sumber: kang dadang